Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Manéhna nu Ngolébat Deui

Manéhna nu kungsi ngancik na ati
Ayeuna datang deui, najan ukur na impi

Ratusan peuting nyimpen rasa nu teu kaguar
Mang taun-taun nyepeng jangji nu teu kakedal


Harita ngawitan tepang status manéhna masih budak sakola, sedengkeun kuring mahasiswa tingkat akhir. Nya urang papendak téh kusabab kuring kabagéan KKN (Kuliah Kerja Nyata) di lembur manéhna, pipir Situ, lebah Panjalu.

Mangsa KKN, kuring muka posko pelatihan komputer keur budak sakola menengah, manéhna jadi salah sahiji budak nu rutin milu pelatihan.

Najan umur kuring leuwih kolot, tapi kuring sabisa-bisa nyobat jiga babaturan jeung barudak nu milu pelatihan. Tujuan na méh maranéhna diajar téh henteu tegang.

*

Najan kaasup leutik kénéh, tapi éta budak téh awakna ngelekeceng jangkung leutik. Malah teu katémbong bubudakeun mun teu disaragam sakola mah.

Kulitna teu bodas tapi nyari, mun keur nyéréngéh katémbong aya kempotan na pipina. Ditambah sapopoéna tara leupas ti tiung. Pokona mah pikaresepeun.

Manéhna kaasup budak nu tara loba bacéo norowéco, tapi sakalina ngajawab sok pang alusna.

"Pinter ieu budak", puji kuring dina haté.

Panggih unggal poé boh di pelatihan boh di jalan, kuring jadi sok merhatikeun manéhna. Ditinggal na rupa, ditalungtik na sikap, laun-laun naha jadi timbul kanyaah?

Nyaah nu béda, teu biasa. Lain kanyaah guru ka murid, atawa lanceuk ka adi. Aya nu ngageleser na haté mun pareng inget ka manéhna.

Tapi pikiran éta langsung kuring cacag na lamunan. Harita kuring sadar diri, pangpangna kana masalah umur nu jauh teuing, aya meureun béda sapuluh taun mah.

Rék balaka ngedalkeun asa kumaha nya, engké mun kanyahoan ku babaturan KKN pastina kuring diseungseurikeun, jadi bahan oconan. Sieun ogé disebat boga kelainan. Barina gé manéhna boa acan begér umur sakitu mah.

Antukna kuring ngan bisa mendem rasa, sabari usaha mopohokeun. Tapi haté mah teu bisa dibohongan, anggeur we manéhna sok ngolébat dina lamunan.

Sakapeung kuring sok noongan na Pésbuk, manéhna katempo jarang aktif. Malah ayeuna mah sakabéh poto jeung status na dihapusan, duka naon sababna.

Manéhna nu Ngolébat Deui , carpon sunda, carita pondok, cerita pondok sunda, carpon romantis, jurnal rozak, carpon rozak, asep abdul rozak, panjalu, sindi sukma kartika, ciamis, situ lengkong

Peuting kamari, manéhna jol datang na impian. Di alam pangimpian, kuring jeung manéhna leumpang paduduaan mapay jalan, wanci pasosoré.

Teu aya paguneman antara urang duaan. Leumpang lempeng wé bari sasakali melong sorotna bulan nu buleud sampurna.

Romantis, éta nu dirasakeun kuring harita na pangimpian.

Tapi kuat ku kagét, manéhna ujug-ujug ngadengkék kuring, tuluy ngagusur kuring bari seuseurian nepi ka buruan imah Ajengan Wawan.

Teu lila Ajengan Wawan kaluar ti imahna geus rapih maké sarung disaléndang sorban, tuluy leumpang muka panto pager.

Harita nu ngadengkék téh lumpat nyampeurkeun Ajengan, tuluy salim. Sanggeus kitu rét Ajengan Wawan melong seukeut ka kuring, teu lila ngong Adzan Maghrib.

"Hayu ka masigit", ajak Ajengan Wawan.

Koréjat kuring hudang sadar tina pangimpian. Rét kana hape nunjukeun jam opat, di masigit kadéngé pupujian, nandakeun sakeudeung deui Adzan Subuh.

**

Ayeuna manéhna ngeusian deui harepan. Tembang lawas nu ngahaja dipopohokeun ayeuna muter deui na pikiran.

Komo ayeuna kaayaan kuring keur sosoranganan. Sababaraha kali kungsi boga patalian jeung nu lian, tapi teu weléh gagal jeung gagal nu kaalaman.

Meureun ayeuna mah manéhna geus gedé. Lain meureun deui atuh nya, da umur mah pasti nambahan. Ngan mun ngitung jarak umur nya anggeur wé jeung kuring bédana sapuluh taunan.

Teu karasa, asa cik kénéh urang ngawitan tepang, padahal mah geus kaliwat lima taun katukang. Sugan Pangéran masihan kasempetan keur urang paamprok deui najan ukur di jalan. Hayang kuring ngedalkeun rasa nu masih ditahan. Tapi da kumaha atuh, kalakah jadi éra sorangan.

***

Rozak - 26/9/2020

Posting Komentar untuk "Manéhna nu Ngolébat Deui"